Rabu, 24 Januari 2018

Sajak Paturay Tineung

Tilu taun babarengan
Tinggal ngitung poe, minggu, bulan
Pait, manis, sedih, jeung kabungah babarengan
Ninggalkeun sagala rasa

Urang teh bakal papisah
Ngan sedihmah jadi gambaranna
Estu wungkul pangdidik, nuyun abdi sadaya
Kana jalan nu waluya

Aya mangsana datang, dipapag ku gumbira
Aya mangsana miang di jajap ku cimata
Gumbira suka senang
Cimata ku kamelang
Senang mapag makalang, melang di jajap ku kabimbang

Hatur nuhun ibu, bapa
Kadeudeuh jeung kana kanyaahna
Sok emut panyarek ti ibu jeung bapa guru
Hapunten tina sadaya

Tidak ada komentar:

Posting Komentar